Selasa, 13 November 2012

Hari Pahlawan di Subang


Wilujeng enjing ka sadayana

Sabaraha dinten kalangkung urang ngareuah-reuah Hari Pahlawan, poe dimana urang nginget ka jasa-jasa pahlawan anu tos merjuangkeun kamerdekaan nagara nu ku urang di picinta.
Dina sabtu kamari, pas 10 Nopember di Subang (Jalancagak) diayakeun karamean nyaeta balap motor cross (duka naon basa sundana ari motor cross), atuh abdi salaku warga Subang (tonggoh) ngarasa bungah yen aya kagiatan keur pangeling-ngeling poe pahlawan tea, tapi...

1. DIna kaayaan BBM subsidi di dua SPBU (Tj. Siang + Kasomalang) kosong, pas abdi liwat SPBU Jalancagak, antrian pinuh ku motorkros nepi ka 4 jajar dina hiji mesin pompa. Euleuh-euleuh, dijaman BBM hese, dijaman subsidi nepi ka 300 Triliun jadi haseup, masih keneh aya jalma anu mampu meuli motor trail anu marahal, tapi BBM make subsidi. Memang teu salah da BBM subsidi hak warga negara, tapi asa patukang tonggong jeung niat ngareuah-reuah hari pahlawan tapi masih ngabeungbeuratan nagara ku subsidi, PAHLAWAN BEULAH MANA? Leuheung mun subsidi teh dipake kagiatan ekonomi anu bakal ngahasilkeun kauntungan ekonomi nu manglipet-lipet, pan ieu mah sina jadi haseup jeung pujian jadi juara atawa atlet balap.
mun make pertamax mah masih wajar, da mere kauntungan ka pertamina anu akhirna jadi devisa ka nagara-->ngilu ngabangun nagara-->pahlawan. Jigana arwah pahlawan ge ambek ningali generasi ayeuna lain ngilu ngabangun, kalah meakeun subsidi anu jelas2 dibiayaan ku hutang Luar Nagri. Ironi, ngareuah-reuah hari pahlawan tapi teu make sikep kapahlawanan. Ironi, 2 SPBU di tonggoh beakeun bensin nepi keur mangkat gawe jeung ngangkut palawija hese, tapi aya nu ngawur-ngawur subsidi keur kagiatan anu hasilna ngan saukur pujian pedah jadi juara.
2. Dina ratusan (teuing rebuan) motor eta, asa teu ningali nu make plat nomer, naha di laan atawa bodong? mun motor anyar kawas KLX atawa Hyosung mah kuring percaya maranehna boga stnk, tapi motor heubeul anu geus dimodifikasi jadi motor trail? geus puguh kalengkepan macem lampu jeung spion mah teu make, jadi kasimpulanna mun HARI PAHLAWANmah=MEUNANG NGALANGGAR ATURAN. Komo mun ngomong masalah pajak kandaraan mah, meureun mun teu boga stnk=teu mayar pajeg, mun teu mayar pajeg naha boga hak sangareunahna ngawur2 BBM subsidi jeung make jalan aspal anu dibiayaan ku pajeg? Lain suudon, ngan kaalaman jaman baheula sok babalapan, loba motor bodong jeung hasil kajahatan di turunkeun di sirkuit, da moal dipariksa detil nomer mesin jeung rangka ku panitia ge.

Tina tetempoan eta, keur kuring mah jadi hiji kasimpulan yen jiwa kapahlawanan teh geus paeh, geus teu perlu aya panginget-nginget deui ari kira-kira rek meakeun subsidi nagara mah. Dina harga BBM re k dinaekeun, protes cenah ngabeungbeuratan anu teu mampu (meuli pertamak smile, tapi subsidi nu aya di awur-awur di jalan, diawur-awur di sirkuit, di awur-awur ku geng motor, di awur-awur ku urang, budak urang, dulur urang, apal meureun mun sore-sore sok loba nu momotoran (bari teu make helm) ngurilingan kota bari teu puguh tujuan (eta nu disebut ababil tea).

Geus taun hareup mah tong aya panginget-nginget hari pahlawan, saheunteuna subsidi bisa di hemat, atuh BBM subsidi bakal aya deui, anu hartina mangkat gawe teu hese BBM, rek iang hasil bumi teu perlu neangan pom nu aya bensin.

Cag ah,

Punten ah bilih aya nu kasinggung dugi ka janten raheut manah.